KASENIAN WAYANG GOLEK
Salah
sahiji kasenian Sunda anu populer di masarakat urang kiwari nyaeta wayang
golek. Komo sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golek
beuki dipikaresep bae ku balarea, boh di kota boh di pilemburan. Lamun sakalieun
aya nu hajat nanggap wayang golek, nu lalajo teh ilaharna sok tumplek ti
mana-mendi.
Atuh
tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang,
upamana bae Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cepot, jeung sajabana.
Ieu hiji bukti yen kasenian wayang golek teh geus raket pisan jeung batin urang
Sunda.
Wayang
golek teh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian,
nyaeta seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sinden),
jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang) Anu jadi lulugu dina pagelaran
wayang golek nyaeta dalang anu pancenna ngalalakonkeun carita.
Kamaheran
dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa
ngabodor, ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku
nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang teh diperedih pisan kamaheranana dina
rupa-rupa widang.
Asep
Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balarea teh
lantaran kamaheranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal
anu anyar.
Salian ti
ngigelkeun wayang, dalang oge ngagunakeun parabot sejen nyaeta campala jeung
kecrek. Campala teh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji
omongan atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrek pikeun
ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang tanding.
Di
sagedengeun dalang, nayagaoge nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga
pisan anu nabeuh gamelan teh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina
wayang golek diantarana: kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang,
jeung rebab.
Carita
anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaeta juru
kawih (tukang ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun
ku sinden luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun, upamana bae dina
peristiwa pikasediheun sinden nembangkeun lalaguan anu sedih, jsb.
Carita
wayang teh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa
jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung
Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh
di Tegal Kuruseta anu kawentar Perang Baratayuda.
Ari
Ramayang nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu
ngalalakonkeun Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Alengka. Sabada
peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama sarta dititah labuh geni
(ngaduruk maneh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina.
Sanajan
asalna ti India, wayang teh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu,
salaku urang Sunda tangtu bae urang kudu mili ngariksa sangkan wayang golek
tetep langgeng dipikaresep ku balarea. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta
mikaresep kasenian wayang golek.
CALUNG
TARAWANGSA
Tarawangsa
téh méh sabangsa rébab atawa piul. Waditra kését anu gunana pikeun nambahan
mamanis laras hiji lagu. Tarawangsa gé sarua maké kawat jeung pangését.
Tarawangsa
dijieun tina kai anu sakurilingna ditutup kalawan rékép. Ngan di hareup, di
bagian tengah, aya liang, kira-kira ukuran 7 X 7 cm. Aya beuheungan wéh,
panjangna kira-kira 45 cm. Bédana jeung rebab, tarawangsa mah wangunna pasagi. Kitu
deui pangésétna ogé béda.
Tarawangsa
mah pangésétna lain tina kenur, tapi tina injuk nu dilélésang ku arpus atawa
menyan. Kasenian tarawangsa nu aya di wewengkon Tasikmalaya ra béda jeung
tarawangsa di daérah séjén. Tarawangsa nu aya di kampung Cigelap, Cibalong,
Tasikmalaya sok diadumaniskeun jeung waditra séjénna umumna lagu buhun anu geus
moal dipikawanoh ku barudak ayeuna.
Aya lagu
anu teu meunang sagawayah ditembangkeun, nyaeta lagu Ayun jeung lagu Pangungsi.
Ieu lagu dianggap sakral. Ditembangkeunna ngan dina upacara anu tangtu, upamana
dina ngaruat panén, ampih paré, jsb. Ari lalguan nu séjénna kayaning Pingping
Konéng, Sangray Muncang, Cipinang, Manuk Héjo atawa mulang, sok ditembangkeun
dina acara hajat nyunatan atawa ngawinkeun.
Calungna
ogé béda jeung calung nu ilahar. Henteu bisa dijingjing da masangna ditalian,
ngajéjér, dina raraga kai. Méh kawas arumba, ngan ieu mah ditalian. Di
wewengkon séjén mah nu kitu téh disebutna calung rénténg.
Ceuk
katerangan kokolot di Cigelap, kasenian tarawangsa téh geus dipikawanoh ti béh
ditu kénéh. Aya nu nyebutkeun kira-kira ti abad ka-12. Basa anu dipaké dina
lalaguanna ogé apan basa Sunda buhun.
Sanajan
kaasup kasenian buhun, calung Tarawangsa ti Cigelap hirup kénéh tepi ka kiwari.
Sok aya kénéh nu nanggap di lembur-lembur sabudeureun Tasik. Dina taun 60-an
tepi ka 70-an mah ieu kasenian téh dipikaresep pisan ku masarakat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar